CARITA WANCI JANARI
Maret 6, 2009
Wanci beuki ngagayuh ka Janari, rehe comrek. Angin nga gelebug, ngoyagkeun tatangkalan, sawarehna daun jeung catang anu ges bobo maruragan. Sabada rengse muteran pilemburan, bus bus kuring jeung nu lianna asup deui ka pos ronda. Ki Sudma nu datang – datang langsung nyisi, ka tempo geus merelek heuay. Padahal tadimah katembong berag, malahanmah sapaparat jalan hahariringan we tah aki – aki the.
Ker aranteng kitu kuring digaruyahkeun ku sora nu menta tulung. Nya atuh kuring sing karorejat.
“Cing jang Obama, regepkeun eta teh sora ti beh mana?”, ceuk kuring ka hiji pemuda anu potongan buukna siga presiden Amerika ayeuna.
Nu dititah, da titatadi keneh ges sayaga terus we gajleng ka luar pos, antukna teu ti dengdek – dekdek wae ngadengekeun eta sora.
“Beh kidul A, soranamah ti teunan Ceu Julia”, ceuk manehna bari teu nunggu jawaban deui, ngan gidig tiheula, dituturkeun ku kuring, ki Sudma jeung mang Suya.
“Aya, naon deui jeung si Julia the, nya A” ceuk ki Sudma nanya ka kuring.
“Ah, duka atuh bah, kuring ge teu apal, tapi gancangan bah. Eta sora nga jorowokna beuki tarik” walon kuring bari metot ki Sudma.
“Ih, ke heula jang, sendal aki coplok yeuh” ceuk manehna bari dongko.
“Alah jang da pegat, mawa paniti teu” ceuk manehna
“Ih, ari abah keun wae sendalmah anteupkeun heula, nyeker we. Itu karunya nu tutulungan bising ku ma onam” ceuk kuring bari teu wasa ninggalkeun bah Sudma sorangan di eta tempat jaba poek deuih.
Ki Sudma teu talangke deui ngalungkeun sendalna ka rungkun, terus gidig rusuh tea.
Ges, tepi ka imah ceu Julia kasamprak ges rea jalma, malahan jang obama mah ker ngagugulungan Si Ujang nya eta budak ceu Julia anu sulung. Ker nga joprak teu lempreh – lempreh di tengah imah.
“Kunaon ceu si Ujang teh, ?” ceuk kuring tumanya.
“Duka atuh A, ngan tisore keneh, rewel ceurik wae, kakara ge sakerejep sare, si ujang cacalakatakan siga anu kasurupun, terus we kieu …!” ceuk ceu Julia bari carinakdak.
“Wah, A siganamah ka surupan jurig Cai, soalna tadi beurang kuring nempo si Ujang keur ngojay, di walungan, apanan walungan etateh keur menta wadal lin, wadalna ge kan ceunah menta Curuluk Satandan”, ceuk ki Sudma, anu di tempa ku bangingikna ceu Julia beuki tarik.
“Tuh, da ki Sudma mah, dina kawer kieu kalah nyarios kitu.” Ceuk kuring rada mundelik ka ki Sudma, nu di delikan kalah ulemas ulemes. “Ah, siganamah lain Ceu!” bari melong deui ka ceu Julia. Bari na jero hate teh, euh pantesan di sebut ceu Julia da beungeutna ge siga Julia Perez, ari ngaran aslinamah ceu Nurmi. Randa ditinggalkeun tilar dunya ku salakina, basa rek gawe jadi TKI ilegal, nga edas samemeh tepi kanu dituju parahu anu ditumpangan ku salakin tileleup.
“Cing atuh A, pang jampekeun, kan Aa mah rada bisa” ceuk ki Sudma.
Na jero hate, bisa nanahaon kuring. Tapi teu kituna kuring terus ngaragap tarang si Ujang. Tadi ceuk ceu Julia. Terus kuring komat kamit neneda tulung ka Gusti Allah, nu dibaca teh ngan Alpatihah we jeung kulhu da eta nu apalna.
Siujang katempo ngalempreh, ngan ti panona kuring rada tanda tanya gede.
Hm … kuring nyerengeh seuri …
Ki Sudma ngadeukeutan,
“Hayang naon ceunah A, eta mangkluk teh, ceunah incah we A!, mun hayang cikopi pait, ke ku si euceu dipangjieunkeun”
“Mangkluk naon ari ki Sudma?” kuring malik tanya ka ki Sudma.
“Eta Aa bet nyerengeh”, ceuk ki Sudma bari sarua ngyenghel.
“Barinage lain jurig nu hayang cikopimah, abdi ki. Titadi kukurilingan can nginum yeuh hehe …”
Nempo kalakuan kuring jeung ki Sudma kitu, atuh ceu Julia katempo beuki bingung.
“Aya naon atuh A?” Pokna ka kuring.
“Teu aya nanaon Ceu.”Walon kuring bari neteup ceu Julia. “Eta tadi beurang, si Ujang aya kahayang atawa pamenta ka euceu?”
Ditanya kitu ceu Julia kerung, siganamah ker mikir. Ker kitu peledug haseup ti gigireun kuring, haseup bodas, ngawentuk hurup o. Kuring muterkeun pang reret nuju ka arahna haseup. Beu, ceuk kuring na jero hate, katempo ki Sudma keur melenyun udud.
“O. enya, A”
“Kumaha Ceu?”
“Taditeh, si Ujang hayang dipang meulikeun sapeda, manehna ngadenge ceunah tereh aya pembayaran tanah anu kaliwat baheula ku proyek bendungan Jatigede bakal di bayar, tah si Ujang teh menta jatah!”
“Terus euceu kumaha ?”
“Euceu, can wani ari ngomong sanggupmah, apanan pembayaranna oge can pararuguh, geus ibur kieu boa jadi boa moal?”
“Nya, sugan we jadi atuh ceu?, eukeur – eukeur anu dibayar tahun 1985 – 1986 mah geuning meuni teu aya perhatian pisan ti pamarentahteh. Bendungan sekala Asia, tapi siga teu pake perencanaan pisan, dibayar tahun 1985 hirup ayeuna 2009. Duit pangrurugina geu ges beak panan, pake dahar jeung ngomeang imah anu rusak, ma enya imah rusak di antepkeun wae, mana pikeun pindahna hehehe …”
“Tah, enya Euceu oge mikir kadinya, lamun dibelikeun sapeda, berarti duit teh geus ka coceng, nya ngaranna geus ka cepeng ku leungeun, ngaranna duit sagede kumaha oge pasti beak”.
Kuring cicing terus melong ka si Ujang, sajorelat kuring nempo si Ujang ngalempreh bari peureum teh tapi ari panonnamah katempo meletet.
“Ceu, ieumah ceuk kuring nyak!. Si Ujang teh lain ka asupan ku Jurig Jarian anu disebutkeun ku ki Sudma Tadi”
“Jadi, ku naon si Ujang teh A, matak pi kamelangeun”.
“Sapeda” Ceuk kuring nga jentre keun.
“Maksudna kumaha A” Ceuk tatangga nu narangtung diburuan, anu teu kanyahoan beuki nga gibung.
“Kieu ayeunamah ceu, sakirana bener ieumah Pamarentah ayeuna bakal mayar tanah bakal calon bendungan Jatigede anu kaliwat, euceu bakal mang meuli keun sapeda ka si Ujang.”
“ Sanajan dikumaha – kumaha oge A, kanyaah indungmah moal laas, keun lah ari duitmah beunang diteangan deui, ari si Ujang nepi ka kieumah matak pikameulangeun, euceu nyanggupan mangmeulikeun Sapeda, saperti anu dipikahayang ku si Ujang” Jawab ceu Julia.
“Tah, kitu jang!, ema geus nembrakeun tur nyanggupan ka kahayang ujang, beuntakeun panona”, bari melong beungeut si Ujang.
Barang kitu, si Ujang Ceungkat trus, gabrug ngarontok Emana.
“Ema, janjinya …” ceuk si Ujang.
Bangun ngawangun ka keuheul ka si Ujang, ceu Julia, unggek.
“Jang, engkemah tong kieu – kieuan deui, tuh tempo kaluar ampir salembur tamplok kadieu, matak ki pameulangeun yeuh, lamun aya kahayang nyuhunkeun anu leres, tur tingal heula ka ayaan indung hidep nyak” ceuk kuring.
“Nya A” walonna bari unggeuk.
Sabada etamah kuring amitan, sapaparat jalan ki Sudma bangun anu ngemu ka keuheul ka si Ujang terus – terusan ngadumel.
“Ges, lah ki, daripada ngadumel kitu, mening urang Tarhim yu. Jadikeun we ieu pelajaran pikeun urang. Ke kukuring di Tulis Di Catatan FaceBook”
“hah, FaceBook, eta teh kadaharan A?, dijieunna tina naon A?”Tanya ki Sudma.
Bingung, mangga waler kunu maos ieu Carita. Carita diluhur saneh kajadian saleresna, tapi Ide ceritanamah nyandak kanu keur aktual dipilumberan di tatar Jatigede Sumedang.
Entry Filed under: Dongeng. .
Trackback this post | Subscribe to the comments via RSS Feed